SAJAK
WANGENAN SAJAK
Sajak nyaeta karya sastra atawa karangan wangunugeuran
anu ngebrehkeun pangalaman batin panyajakna jeung teupati kaugeur ku patokan.
Patokan disebut karangan ugeuran sebab
dina sajakmah aya hal - hal nu kudu diperhatikeun, diantarana diksi atawa pilihan
kecap jeung wirahma. Sajak dina sastra sunda lain karya sampakan bisa jadi
mangrupa pangaruh tina sastra Indonesia. Mimiti gelarna sabada merdeka, sajak
sunda munggaran ditulis ku Kis Lus dina taun 1946.
CIRI – CIRI
SAJAK
1. Ka asup karya sastra moderen
2. Mangrupa karya sastra samperan
3. Ditulis dina wangun ugeuran
4. Jumlah jajar, bait, atanapi sukun
kata bebas
UNSUR SAJAK
1. Tema
2. Judul
3. Amanat
4. Gaya basa / majas
PAPASINGAN
SAJAK
1. Sajak
epik
Sajak epik nyaeta sajak anu eusina ngadadaskeun
atawa ngalaporkeun hiji carita atawa kajadian, sarta biasana eusina teh
ngawangun carita kapahlawanan, boh pahlawan anu aya patalina jeung legenda
kapercayaan boh anu patalinajeung sajarah.
2. Sajak
lirik
Sajak lirik nyaeta sajak anu
ngambarkeun rasa panyajakna atawa ngembrehkeun pikiran jeung rasa pribadi
panyajakna tur sifatna leuwih subjektif.
HAL NU KUDU
DIPERHATIKEUN DINA MACA SAJAK
1. Lenyepan
Sateuacan maca sajak teuleuman heula
eusi sajak nada rasa jeung sajabana.
2. Wirahma
Nyaeta anca gancangna dina maca
sajak.
3. Vokal
Patalina jeung sora, lapal, bentes
henteuna dina ngucapkeun kecap.
4. Nada
Jeung Rasa
Patalina jeung sikeup urang kana
karyana dina maca sajak.
LENGKAH –
LENGKAH NUKUDU DIPILAMPAH NALIKA REKNGARANG SAJAK
1. Nangtukeun tema
2. Tina tema anu geus ditangtukeun,
terus tangtukeun rasa atawa suasanana
3. Gunakeun imaji
4. Gunakeun simbol atawa
5. Ngarakit kecapna
PARAFRASE
Parafrase nyaeta ngarobah wangeun ugeuran (sajak) kana
wangun lancaran (prosa).
UNSUR ANU
NGAJIWAAN EUSI SAJAK
1. Pikiran
Nyaeta pikiran pangarang anu
nyangkaruh dina jiwana dikedalkeun ngalewatkwun karangan.
2. Rasa/
Piling
Nyaeta rasa panyajak anu dipedalkeun
dina sajakna, bisa rasa waas, bungah, sumangeut, atawa ambek.
3. Gaya /
Tone
Nyaeta gaya panyajak anu ditepikeun
dina sajakna bisa humoris, realistis, kritis, romantis, atawa mikacinta kalemah
caina.
4. Maksud
Maksud sok disebut oge amanat nyaeta
maksud nu hayang ditepikeun kupanyajak.