Rabu, 17 April 2019

SAJAK
WANGENAN SAJAK
Sajak nyaeta karya sastra atawa karangan wangunugeuran anu ngebrehkeun pangalaman batin panyajakna jeung teupati kaugeur ku patokan. Patokan disebut karangan  ugeuran sebab dina sajakmah aya hal - hal nu kudu diperhatikeun, diantarana diksi atawa pilihan kecap jeung wirahma. Sajak dina sastra sunda lain karya sampakan bisa jadi mangrupa pangaruh tina sastra Indonesia. Mimiti gelarna sabada merdeka, sajak sunda munggaran ditulis ku Kis Lus dina taun 1946.

CIRI – CIRI SAJAK
1. Ka asup karya sastra moderen
2.  Mangrupa karya sastra samperan
3. Ditulis dina wangun ugeuran
4. Jumlah jajar, bait, atanapi sukun kata bebas

UNSUR SAJAK
1. Tema
2. Judul
3.  Amanat
4. Gaya basa / majas

PAPASINGAN SAJAK
1. Sajak epik
Sajak epik nyaeta sajak anu eusina ngadadaskeun atawa ngalaporkeun hiji carita atawa kajadian, sarta biasana eusina teh ngawangun carita kapahlawanan, boh pahlawan anu aya patalina jeung legenda kapercayaan boh anu patalinajeung sajarah.
2. Sajak lirik
Sajak lirik nyaeta sajak anu ngambarkeun rasa panyajakna atawa ngembrehkeun pikiran jeung rasa pribadi panyajakna tur sifatna leuwih subjektif.

HAL NU KUDU DIPERHATIKEUN DINA MACA SAJAK
1. Lenyepan
Sateuacan maca sajak teuleuman heula eusi sajak nada rasa jeung sajabana.
2. Wirahma
Nyaeta anca gancangna dina maca sajak.
3. Vokal
Patalina jeung sora, lapal, bentes henteuna dina ngucapkeun kecap.
4. Nada Jeung Rasa
Patalina jeung sikeup urang kana karyana dina maca sajak.

LENGKAH – LENGKAH NUKUDU DIPILAMPAH NALIKA REKNGARANG SAJAK
1. Nangtukeun tema
2. Tina tema anu geus ditangtukeun, terus tangtukeun rasa atawa suasanana
3. Gunakeun imaji
4. Gunakeun simbol atawa
5.  Ngarakit kecapna

PARAFRASE
Parafrase nyaeta ngarobah wangeun ugeuran (sajak) kana wangun lancaran (prosa).

UNSUR ANU NGAJIWAAN EUSI SAJAK
1. Pikiran
Nyaeta pikiran pangarang anu nyangkaruh dina jiwana dikedalkeun ngalewatkwun karangan.
2. Rasa/ Piling
Nyaeta rasa panyajak anu dipedalkeun dina sajakna, bisa rasa waas, bungah, sumangeut, atawa ambek.
3. Gaya / Tone
Nyaeta gaya panyajak anu ditepikeun dina sajakna bisa humoris, realistis, kritis, romantis, atawa mikacinta kalemah caina.
4. Maksud
Maksud sok disebut oge amanat nyaeta maksud nu hayang ditepikeun kupanyajak.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar